JAKA SURUP
Adegan 1
Jaman baheula di hiji désa, hirup saurang jalma nu namina Nyi Randa Tarub, anjeunna hirup sareng putrana nu namina Jaka Surup anu resep moro di leuweung. Naha putrana dipasihan ngaran Jaka Surup? Éta téh kusabab basa Jaka Surup tos dilahirkeun lainna maké calana jeung dibedong, kalahka dianggokeun erok sareng karémbong, katingalina siga si peundeuy, jadi wéh jalma nu ningali téh nyarebut surup. Meni ngérakeun pisan éta indung jeung bapana, pedah putra kahiji jadi teu tiasaeun ngabajuan orok nu beneur. Jadi wéh dingaranan Jaka Surup. Ayeuna mah Jaka tos jadi bujang anu gagah tur kasép.
Di imah Nyi Randa . . .
Jaka Surup : “Naha nya ma, Jaka acan gaduh kabogoh?”
Nyi Randa : “Hih, tong naros ka ema atuh, pan nu rék bobogohan lain ema.”
Jaka Surup : “Atuh kasaha deui Jaka naros ari sanés ka ema? Hmm.. Jaka téh teu kasép atawa kumaha?”
Nyi Randa : “Ah.. Ceuk saha?”
Jaka Tarub : “Nya ceuk Jaka atuh ma, beneur nya ma Jaka téh goréng patut?”
Nyi Randa : “Ah, putra ema mah kasép pisan, kajeun tompélan ogé.” ( bari seuri leutik )
Jaka Tarub : “Bisa waé ema mah, poé ieu meuni tiiseun nya ma.”
Nyi Randa : “Geura naon wéh atuh Jaka, ulah cicing di bumi waé.”
Jaka Tarub : “Jaka moro ka leuweung atuh nya ma?”
Nyi Randa : “Mangga anaking, kadé bisi kapanggih bidadari geulis.” ( bari hereuy )
Jaka Tarub : “Si ema mah aya-aya waé, moal aya atuh bidadari di leuweung mah, aya ogé munding.”
Nyi Randa : “Tapi mun aya bidadari geulis mah, ajakan wéh ka dieu. Ké ku ema rék dikawinkeun.”
Jaka Tarub : “Geus ah, ema mah hereuy waé.. Jaka angkat nya ma, bilih sonten teuing.”
Nyi Randa : “Nya buru kaditu, yeuh mawa bekel bisi lapar.”
Jaka indit ka leuweung . . .
Adegan 2
Di Kayangan tujuh bidadari keur midang. . .
Bidadari 1 : “Meuni karasa panas nya poé ieu.”
Bidadari 3 : “Enya téh, meuni haying sibeungeut.”
Bidadari 2 : “Ah, mandi wéh atuh sakalian.”
Bidadari 7 : “Hayu atuh téh, tapi dimana? Hayang mandi di cai nu seger ih!”
Bidadari 4 : “Dina jero sumur!”
Bidadari 6 : “Ih nu beneur! Maenya di jero sumur?”
Bidadari 5 : “Hereuy gé si tétéh mah! Percaya waé gé.”
Bidadari 4 : “Teu hereuy ah, pan teu muat mun mandi tujuhan di sumur mah, adi wéh sorangan nya?”
Bidadari 6 : “Ah si tétéh mah meni téga pisan.” ( bari pundung )
Bidadari 1 : “Eleuh.. Geus atuh ulah hereuy waé, milari tempat mandi atuh yu?”
Bidadari 2 : “Badé dimana atuh jadina?”
Bidadari 3 : “Jadi pan di jero sumur téh? Hehehe.”
Bidadari 7 : “Ih, nubebeur atuh téh!”
Bidadari 1 : “Bungsu-bungsu, teu atuh, urang turun yu ka bumi?”
Bidadari 2 : “Ah, sieun téh.”
Bidadari 5 : “Kunaon sieun?”
Bidadari 4 : “Éta mereun, sieun kapanggih jeung munding.”
Bidadari 6 : “Lain téh, sieun teu tiasa naék deui ka kayangan.”
Bidadari 3 : “Ih bisa waé atuh, buru urang turun ka bumi.”
Adegan 3
Ka tujuh bidadari éta turun ka bumi. Di tengah leuweung, dina hiji talaga aya tujuh bidadari keur mandi. Jaka Surup nyumput di semak-semak, ningali éta bidadari.
Bidadari 1 : “Urang mandi di dieu wéh nya?”
Bidadari 2 : “Enya, enya téh.”
Bidadari 3 : “Hemm.. Meni sejuk euy, meni pas pisan.”
Bidadari 4 : “Ih tétéh mah, kunaon di dieu?”
Bidadari 5 : “Sieun tétéh.”
Bidadari 6 : “Geus buru urang mandi wéh lah.”
Bidadari 7 : “Enya tétéh.”
Jaka Surup : “Euleuh Meni gareulis éta wanoja téh, naha enya kitu maranehna téh bidadari? Nah.. Naon éta? Abdi kudu boga éta karembong!”
Jaka Surup nyokot karémbong Bidadari 7.
Bidadari 1 : “Adi-adi, geus poék yeuh, hayu urang balik ka Kayangan!”
Bidadari 2 : “Hayu, téh.”
Bidadari 7 : “Karembong abdi? Téh, Karémbong abdi teu aya.”
Bidadari 3 : “Hah? Leungit?”
Bidadari 4 : “Hayu atuh urang téangan heula!”
Bidadari 5 : “Geus poék téh, urang kudu ka Kayangan ayeuna!”
Bidadari 7 : “Kumaha jeung abdi téh? Abdi teu tiasa ka Kayangan ari teu aya Karembong.”
Bidadari 6 : “Tétéh teu tiasa migawé nanaon, kapaksa adi kudu ditinggalkeun didieu.”
Bidadari 7 : “Ku téga teuing, abdi sieun didieu nyalira.”
Bidadari 1 : “Hampura adi, mun karémbong geus kapanggih, geura balik ka Kayangan nya!”
Adegan 4
Genep bidadari éta balik ka Kayangan. Ari si bungsu ditinggalkeun di talaga. Teu lami, Jaka Surup nyampeurkeun…
Jaka Surup : “Héy gadis, kunaon anjeun didieu sorangan?”
Bidadari : “Tuan tulungan sim kuring. Di bumi abdi teu gaduh sasaha.”
Jaka Surup : “Estuning malang nasib anjeun, geulis. Kuring gaduh maksud nulungan anjeun. Ayeuna tos wengi, daék anjeun ngiring ka bumi abdi?”
Bidadari 7 : “Hatur nuhun. Ngaran abdi Dewi Nalang Wulan, saha ngaran anjeun?”
Jaka Surup : “Kuring Jaka Surup.”
Bidadari 7 : “Kunaon ngaranna Jaka Surup? Asa anéh.”
Jaka Surup : “Aya caritana Déwi, abdi éra nyaritakeunna ogé.”
Adegan 5
Pamustungannana Déwi Nawang Wulan nuturkeun Jaka Surup, Nawang Wulan teu werah lamun tétéla Jaka Surup anu nyokot karembongna. Nepi di imah, Nyi Randa meni reuwas ningali Jaka Surup mawa saurang wanoja nu geulis pisan.
Jaka Surup : “Assalamu’alaikum. Ema Jaka uwih.”
Nyi Randa : “Ya Alloh Jaka, kamana waé? Saha ieu?”
Jaka Tarub : “Tenang wéh ma, ieu Dewi Nawang Wulan, Jaka kapanggih jeung anjeunna di leuweung.”
Nyi Randa : “Tuh pan, beneur ceuk ema gé.”
Jaka Surup : “Shuuutt ah, Teu kunanaon pan ma Déwi didieu heula?”
Nyi Randa : “Mangga, ema mah ngijinan Jaka.”
Jaka Surup : “Leuwih hadé karémbong ieu dirtaro didieu!” ( bari nyumput )
Adegan 6
Poé-poé di laluan. Pamustungannana Jaka Surup nikah jeung Déwi Nalang Wulan, tapi kabagjaan maranéhna teu lila sanggeus manéhna nikah Nyi Randa Tarub maot.
Nyi Randa : “Jaka. . . Déwi. . .”
Bidadari 7 : “Enya ema, aya naon?”
Nyi Randa : “Jaka mana?”
Bidadari 7 : “Kang.. Enggal kadieu kang!”
Jaka Surup : “Ya Allah Ema, kunaon tambah parah geuning. Urang ka pamantri nya.”
Nyi Randa : “Ema mah haying didieu. Jaka, anaking téh geus gedé ayeuna, geus tiasa milarian dahar nyalira. Pék atuh jang ieu Déwi. Bahagiakeun, ulah disangsarakeun. Ambeh ema tenang engké di sorga. Manéh téh hirupna bahagia. Doakeun ema nya.”
Jaka Surup : “Pasti atuh ema. Jaka nyaah pisan ka Ema.”
Nyi Randa : “Anaking Jaka, anaking Déwi, ema hampura nya.”
Nyi Randa téh maot. Jaka sareng Déwi meuni ngarasa kaleungitan.
Adegan 7
Kaadaan di kayangan jadi tiiseun, sabab si bungsu bidadari Déwi H.W aya di bumi.
Bidadari 1 : “Aduh si adi téh teu balik – balik kadieu.”
Bidadari 2 : “Enya geuning tétéh, piraku atuh nya.”
Bidadari 3 : “Manéhna betah meureun di bumi jeung manusa.”
Bidadari 4 : “Ah lain, manéhna teu balik lantaran karémbongna can kapanggih.”
Bidadari 5 : “Bisa jadi téh.”
Bidadari 6 : “Kudu kumaha atuh?”
Bidadari 2 : “Susul téh ka bumi”
Bidadari 1 : “Kumaha nyusulna, Déwi aya dimana ogé tétéh teu teurang.”
Bidadari 2 : “Meni karunya teuing nasib si Déwi.”
Bidadari 3 : “Lamun kuring jadi si Déwi kumahanya?”
Bidadari 4 : “Nya rék kumaha deui. Ngarana gé musibah.”
Bidadari 5 : “Engké mah mun mandi, jagaan ieu karémbong bisi dicokot siga si Déwi.”
Bidadari 6 : “Enya tétéh, talian wéh sakalian.”
Adegan 8
Tapi dina hiji poé lumangsung kajadian anu mangrupa mimiti malapetaka.
Bidadari 7 : “Kang Jaka, kuring keur nanak sangu, pang jagaan nya Kang sarta ulah di buka aseupan éta.”
Jaka Surup : “Mangga atuh, ku Akang dijagaan. Hah? Ngan satangke pare anu ditanak? Pantes pare di lumbung teu kungsi beak.”
Bidadari 7 : “Naha geus dibukakeun aseupanna? Rusak pan jadina, ayeuna kuring teu tiasa nanak sangu ngan ti satangke pare, kuring kudu numbuk pare.”
Jaka Surup : “Hampura atuh Déwi, emang aseeupanana teu tiasa dibeneurkeun?”
Bidadari 7 : “Teu tiasa Akang!”
Adegan 9
Saprak éta Déwi nyokot pare di lumbung, tangtu waé paré di lumbung gancang béak. Sarta dina hiji poé, Déwi nyokot pare, tapi manéhna manggih hiji hal…
Bidadari 7 : “Ya Allah Gusti, ieu karémbong kuring, kunaon Akang Jaka nyokot ieu karémbong? Tapi naha pura – pura teu weruh?”
Jaka Surup : “Aya naon Déwi?”
Bidadari 7 : “Akang Jaka, Déwi ménta pamit ka Kayangan!”
Jaka Surup : “Dewi kupingkeun heula, émang Akang salah, hampura.”
Bidadari 7 : “Akang geus linyak Déwi salila ieu, kunaon Akang bet kitu ka Déwi?”
Jaka Surip : “Déwi ulah indit! Akang nyalira didieu, Akang teu gaduh sasaha lian ti Déwi.”
Bidadari 7 : “Teu Akang, Déwi bade ka Kayangan, kahirupan di Bumi teu cocog keur Déwi.”
Jaka Surip : “Aduh Déwi, ieu téh teu tiasa diomongkeun alus-alus?”
Bidadari 7 : “Teu bias Akang! Kodrat Déwi nyaéta minangka bidadari sarta kudu balik ka Kayangan.”
Bari haté pedih Jaka Surup nyaksikeun pamujaan haténa hiber, Hirupna meuni hampa pisan. Tapi katujuh bidadari éta ayeuna tiasa ngarumpul deui.
Réngsé.